Ekspresi narsis-ku

February 21, 2009

Facebook

Filed under: Ngabejaan Bulu Tuur

Ku Popon Saadah

Ceuk informasi anu dicutat ku Republika, Minggu, 15 Februari 2009, Facebook (FB) tèh situs web jaringan sosial anu diciptakeun dina taun 2004 ku Mark Zuckerberg, lulusan Universitas Harvard, Amerika Serikat.
Kiwari ieu situs tèh keur meujeuhna populèr di cyber, dipikaresep ku pengguna aktif internet di sakuliah dunya. Bisa jadi populèrna ieu situs di jagat cyber tèh dilantarankeun ku: informasi ngeunaan FB anu terus-terusan (meuweuh) jeung ubyag diwawarkeun ku sawatara anggota hiji komunitas ka masarakat internèt, prosès registrasi anu gampil, fasilitas dina FB nu kawilang euyeub, jeung sajaba ti èta.
Upama nitènan fasilitas nu disadiakeun jeung cara gawèna, Facebook tèh teu pati bèda jeung Friendster. Ditilik tina pungsina, duanana mangrupa mèdia pikeun ngawangun hiji komunitas di internet, dina raraga ngayakeun interaksi atawa transaksi dumasar kana kabutuhan masing-masing individu. Dina FB di antarana disadiakeun fitur: Home, Profil, Friends, Inbox, Notifications, Phonebook, jeung Album. Upama urang hayang ngawanohkeun diri sorangan dina raraga promosi, urang bisa ngeusian biodata diri kalawan lengkep dina kolom Profil. Tuluy, lamun hayang ngajak babaturan supaya milu gabung kana FB tur id-na (nickname-na) asup kana list (daptar) babaturan urang nu geus milu gabung ti heula, kari tèangan cara ngondang jeung ngasupkeun id-na dina kolom Friends. Tah, mun pareng urang nu diondangna ku batur, kari klik kolom Request di juru luhur lebah katuhu. Sanggeus èta judul kolom kabuka, aya dua pilihan, naha èta nu hayang jadi babaturan urang tèh rèk ditarima atawa ditampik ku urang. Mun ditarima, klik confirm, sarta mun ditolak klik ignore. Lebah hayang ngèbrèhkeun, masang, atawa mublikasikeun poto, boh poto diri boh poto kulawarga atawa poto batur, urang bisa ngagunakeun fasilitas Album. Tiap judul kolom dilengkepan ku lahan pikeun mèrè atawa ngajawab komèntar. Saenyana taya hal anu bangga, èstu gampil pisan dina ngalakonanana, komo mun nu ngokolakeunana ninggang di para nètter profesional mah. (more…)

January 19, 2009

Flu Tulang

Filed under: Ngabejaan Bulu Tuur

Mimitina mah sim kuring nyangka yèn basa ngalaman lalinu saurat-urat tèh balukar capè teuing, ngamomorèkeun dahar, sarta kurang istirahat. Boro teu niat nepungan dokter, da ceuk angkeuhan, ku loba reureuh jeung nginum suplemen gè meureun bakal cageur deui sabihari.
Tapi ray poè ray poè tèh kalah ngareunggeuy. Aya èta gè leungit lalinu awak jeung lalieur tèh saheulaanan, lamun geus ngadahar Biogesik. Tapi peutingna nirisan deui. Komo datang waktu subuh mah kalah beuki ngahodhod, ari jeroeun awak asa pararanas. Saminggu kituna tèh. Der deuih kalah diurut sakujur awak ku tukang urut, kawas nu jauh ka dokter baè. Hanas teu aya karasana. Keur kitu mah geuning pikiran tèh asa tèu pararuguh, asa hayang geura cageur sapada harita, tapi horèam ka dokter, sabab hartina kudu kaluar ti imah.
Beuki dieu beuki kaluman. Tungtungna isuk kènèh bari dianteur ku bapana barudak nèangan dokter. Alhamdulillah aya dokter anu praktèkna isuk-isuk, di gigireun Alun-alun Cimahi.
Harita kènèh sim kuring dipariksa sakumaha mistina. Ceuk dokter, sim kuring tèh katarajang flu tulang. Duh paingan teu puguh rasakeuneunana, horèng nepi kana tulang-tulang meureun nya nyaksrakna tah si kasakit flu tèh. Teu sakara-kara, geus nepungan dokter sarta dibèrè obat nu di antarana aya antibiotik mah awak tèh karasa robah, jadi hararampang. Kersaning Gusti Nu Maha Kawasa, dina jero sapoè ogè awak sim kuring geus karasa seger deui. Peutingna makè jeung bisa tibra sarè. Emh, nyaho kieu mah ti mimiti karasa wè meureun rèk ka doktèr tèh, heueuh kawas nu hirup di daèrah mencil waè atuh, kawas suku terasing baè sim kuring tèh.
Sanggeus bisa deui mancèn tugas, pangangguran hayang maluruh rèfèrènsi ngeunaan flu tulang dina internèt. Cenah flu tulang tèh sok muncul dina usum pancaroba saperti ayeuna. Nu mimiti nyebarkeunana sarua jeung kasakit Demam Berdarah, nyaèta reungit Aidès Aègypty. Sanajan ieu kasakit can kacaritakeun nepi ka bisa matèni jalma nu katarajangna, tapi bahaya ogè, sabab bisa ngabalukarkeun lumpuh. Flu tulang biasa ogè disebut Cikungunya.
Sumber sèjèn nyebutkeun yèn ieu kasakit tèh dikokojoan ku virus Varvovirus B19, anu nyerang sing saha baè, utamana jalma dèwasa anu kabeneran stamina awakna keur turun. Gejala awalna ditandaan ku rasa linu nu kacida dina sakujur awak, bisa lumangsung 2-4 minggu sabada kaserang flu biasa. Jalma nu kaserang ieu kasakit sok nirisan, tuluy di jero kulit jeung biwir muncul nu tingbelenong bareureum, tapi lain baruntus. Tapi deuih cenah sanggeus liwat 3 minggu mah nu gering bakal maju deui ka cageur.
Nu keur kakeunaan flu tulang dikudukeun loba ngonsumsi kadaharan anu ngandung gizi, sarta jauhan saheulaanana roko, kopi, jeung kadaharan anu ngandung gajih.
Nya nu leuwih hadèna deui mah gancang pariksakeun ka dokter, sangkan gancang kaubaran, ulah nepi ka kungsi ngareunggeuy heula kawas sim kuring harita.

December 1, 2008

Fungsi Permanently Offline jeung Ignoré dina Media Chatting

Filed under: Ngabejaan Bulu Tuur

Image Hosted by ImageShack.us

Ku Popon Saadah

Pikeun jalma anu resep ngalalana di dunia cyber tur resep ngayakeun interaksi jeung sasama chatter, media chatting di internet téh hiji hal anu kawilang penting. Media chatting ibarat rawayan anu ngahubungkeun maranéhna jeung nu séjén dina ngayakeun kagiatan mangrupa dialog atawa paguneman. Boh paguneman jarak jauh, antar kota, antar pulo, antar nagara, boh paguneman jarak deukeut (dilakukan ku dua chatter atawa leuwih anu diukna pagigir-gigir, atawa sasuhunan tapi béda rohangan).
Fungsi éta media ogé bisa rupa-rupa, gumantung kana niat para chatter. Naha éta media téh minangka jembatan pikeun ngobrol biasa, saperti ngawangkong ngalér ngidul teu puguh leunjeuranana, atawa ngobrol daria saperti konsultasi, tanya jawab, diskusi, gunem catur ngeunaan bisnis, jeung sajabana.
Nilik kana jihat praktisna éta média, bisa dipastikeun kagiatan chatting di internet beuki dieu beuki populér di kalangan para nétter. Prosés régistrasi anu gampil tur basajan (simpel), gratis, sarta bisa dilaksanakeun dina waktu iraha baé (fléksibel), mangrupa aspék-aspék anu ngirut (narik) para netter pikeun chatting.
Salah sahiji média chatting anu populér tur loba digunakeun ku para chatter di sakuliah dunya nyaéta YahooMessenger! (YM). Salian ti bisa chatting sakarepna, para chatter ogé bisa maluruh (eksplore) perkara sistem jeung aturan maén YM ogé fasilitas-fasilitas (fitur) anu disadiakeun ku ieu média. Éta fasilitas téh bisa dipaluruh dina folder YM ménu utama unggal id. Upama tulisan messenger dina list pangluhurna di-klik, bakal kabuka fasilitas-fasilitas anu nyadiakan rupa-rupa sistem sakumaha anu dipiharep ku nu “ngageugeuh” éta list. (more…)

November 13, 2008

Maluruh Blogsome nu Leungit

Filed under: Ngabejaan Bulu Tuur

Pikeun jalma anu resep nge-blog (blogging) mah wéblog pribadina téh bisa jadi dianggap harta bandana anu luhur ajénnna, atawa leuwih jauhna dianggap “harta karunna”, komo lamun éta blog téh geus loba pisan eusina. Atuh munasabah lamun dina leungitna, nu bogana bakal hanjelu béh ditueun hanjelu.
Ari blog sok ngaleungit kitu? Bisa leungit, lamun urang salah ngoprékna. Kawas anu kungsi kaalaman ku sim kuring baréto jeung ku sobat sim kuring kamari. Blog Ki Sobat ngaleungit teu pupuguh sabada dioprék lebah file-na. Cenah niat rék nga-délét pic, hasilna kalah jadi blank blog téh, tampilanana jadi bodas, bodas ngageblég euweuh nanaonan. Ngoprék blogsome lebah file-na mémang butuh katalitian jeung kasabaran. Kurang-kurangna taliti jeung tarapti sok jadi syntac error, nyaéta ngaleungit téa.
Nu kaleungitan blog kungsi putus harepan, “Keun baé ah abdi mah teu boga blog ogé,” cenah semu hanjelu. Mireungeuh kitu, sim kuring asa manglebarkeun jeung jadi panasaran, leungit téh leungit ka mana? Éta “harta karun” anu teu sirikna unggal waktu ditatap diusap, dieusian dilongokan, piraku kudu hiber teu pupuguh mah. (more…)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer