Ekspresi narsis-ku

May 11, 2006

As-Sunnah

Filed under: Padika Hirup, Hadist

Jangji Hate

IEU TEKS DITULIS DINA RARAGA INTROSPEKSI DIRI JEUNG MAPATAHAN DIRI SORANGAN.

Amalan anu munggaran dihisab ti hiji jalma dina poe kiamat nya eta solatna, upama solatna ditarima, baris ditarima oge amalanana, tapi lamun solatna ditolak, ku kituna baris ditolak oge sakabeh amalanana. (HR. Thabrani).

Estu pikayungyuneun ngeunaan jalma mu’min. Sagala hal nu dialaman ku inyana, hade. Mun manehna meunang hal nu pikagumbiraeun, manehna ngucapkeun sukur. Ku kituna hal eta jadi hiji kahadean keur dirina. Lamun manehna ditibanan musibah nu pikanyerieun, manehna sabar. Ku kituna hal eta jadi kahadean keur dirina. Sipat nu kitu teh teu dipibanda ku sasaha iwal ti ku hiji mu’min. (HR Muslim jeung Ahmad).

Rosululloh saw. parantos nyarios:
“Nalika amanat dilalaworakeun, dagoan kaancuranana!” Nyarita hiji jalma: “Kumaha carana ngalalaworakeun amanat teh ya Rosululloh?” Saur Nabi, upama dipigawe hiji pagawean ku nu lain ahlina, pek dagoan kaancuranana. (HR. Bukhari).

He anak incu Adam! lamun anjeun datang ka Kami kalawan nanggung dosa (nu lobana) sapinuh bumi, tuluy ngadeuheus ka Kami kalawan teu ngaduakeun Kami jeung nu sejen, mangka Kami baris mapag anjeun ku pangampura (nu lobana) sapinuh bumi. (HR. Bukhari).

Sing saha jalma nu teu weleh istigfar, mangka Allah ngajadikeun inyana bebas tina sagala kasusah, (maparin) jalan kaluar tina karupekan jeung (maparin) rizki ti beulah mana wae nu teu disangka-sangka. (Imam Abu Dawud & Ibnu Majah).

Saupama hiji anak Adam (manusa) boga hiji pasir emas, pasti manehna hayang boga dua pasir, jeung taya deui nu bisa nutup sungutna (taya nu bisa ngeureunkeun kasarakahanana kana dunya iwal taneuh (maot). Jeung Allah maparin ampunan ka sing saha wae anu tobat. (HR. Riwayat Bukhari & Muslim).

Lamun anjeun geus rengse ngadegkeun solat, prak diuk heula, mangka puji Allah ku hal anu sahade-hadena jeung ucapkeun solawat ka kami, tuluy ngadu’a ka Anjeunna, tinangtu du’a anjeun bakal ditedunan. (HR. Abu Dawud, Attirmidzy).

Babandingan dunya jeung aherat nya eta saperti hiji jalma nu nganclomkeun ramona ka laut, tuluy ramona ku manehna dicengkatkeun, naon anu beunang ku ramona, tah eta teh dunya. (HR. Muslim & At Tirmidzy).

Sahade-hadena manusa nya eta maranehna anu mere mangpaat ka nu sejen. (HR. Bukhari).

Firman Allah

Filed under: Padika Hirup, Al-Qur'an

Kingkilaban Peuting

Audzubillaahiminasyaitoonirrojiim.

Saestuna, geus nyampak dina diri Rosululloh tuladan nu hade keur anjeun, nya eta pikeun jalma-jalma nu miharep (rohmat) Alloh jeung (datangna) poe kiamat sarta manehna loba nyebut asma Alloh. (Al-Azab 33:22).

Jeung saestuna eling ka Alloh (solat), eta leuwih gede kautamaanana tibatan ibadah-ibadah sejenna. Saestuna solat teh mahing urang tina milampah kalakuan anu panggoreng-gorengna jeung tina munkar. (Al-Ankabut 29:45).

Jeung prak geura parentahkeun ka kulawarga anjeun sina ngaradegkeun solat jeung sing salabar aranjeun dina ngajalankeunana (Thaahaa 20:132).

Lamun anjeun beda pamadegan ngeunaan hiji hal, mangka pasrahkeun eta masalah ka Alloh (Al Qur’an) jeung ka Rosul (sunahna). (An-Nisaa : 59).

Sing saha jalma nu nuturkeun pituduh Kami, tinangtu moal aya rasa hariwang dina diri maranehna, sarta deuih maranehna moal saredih. (Al Baqoroh : 38).

He jalma-jalma anu ariman, kudu dijauhan loba teuing prasangka, saestuna sabagean prasangka teh dosa, jeung anjeun ulah neangan kasalahan batur, jeung sabagean ti anjeun ulah ngupat (ngomongkeun kagorengan) nu sejen. (Al-Hujurat:12).

Harta banda jeung barudak teh papaes kahirupan dunya, tapi amal-amal nu langgeng jeung amal soleh eta leuwih hade pahalana di sisi Pangeran anjeun, sarta leuwih hade pikeun dijadikeun harepan. (Al-Kahfi : 46)

Kami baris nguji anjeun ku hal-hal anu goreng jeung ku hal-hal anu hade minangka cocoba. (Al-Anbiya : 35).

Prak geura ngadu’a ka Pangeran anjeun kalawan handap asor jeung sora nu halon. Saestuna Alloh henteu mikaresep jalma-jalma nu kaleuleuwihi…Prak geura ngadu’a anjeun kalawan rasa sieun (moal ditarima) jeung harepan (bakal ditedunan). (Al A’raaf : 55, 56).

Kudu sieun kana hiji waktu, nu dina poe eta teh hiji bapa teu bisa nulungan anakna jeung hiji anak oge teu bisa nulungan bapana najan ukur saeutik. (Lukman : 33).

Saestuna Alloh teu ngarobah kaayaan hiji kaum nepi ka maranehna ngarobah kaayaan nu aya dina diri maranehna sorangan. (Ar-Ra’d : 11).

Saestuna setan teh musuh nu nyata keur anjeun, mangka anggap manehna musuh (anjeun) sabab saestuna eta setan-setan teh ngan ukur ngajak golonganana sangkan jadi nyicingan naraka nu ngabebela. (Faathir : 6).

He jalma-jalma nu ariman, riksa diri anjeun jeung kulawarga anjeun tina seuneu naraka anu suluhna ku manusa jeung batu; nu ngajagaanana malaikat-malaikat anu kasar tur heuras, nu teu doraka ka Alloh, kana naon-naon anu diparentahkeun. (QS. At Tahrim : 6).






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer