Ekspresi narsis-ku

April 10, 2008

Aries

Filed under: Zodiak Humor

aries

(21 Maret-20 April)

Nu disebut kajujuran téh datang ti dua pihakanana. Urang jujur, batur ogé kudu jujur. Sabalikna, batur jujur, urang ogé kudu jujur. Demi kajujuran téa sabenerna mah moal bisa tumuwuh di mana baé, da kajujuran mah lain … kangkung atawa saladah nu bisa hirup dina taneuh garing atawa taneuh baseuh.

Kaséhatan. Minggu ieu kudu bisa milih-milih olahraga naon anu cocog jeung diri urang. Kahadé ulah nyoba-nyoba olahraga ku cara…cingogo dua poé dua peuting terus-terusan bisi cangkeul jeung suku singsireumeun.

Rejeki. Duit nu katarima ayeuna can bisa gedé. Minggu hareup insya Alloh urang bakal narima duit gedé, asal imah warisan ti kolot urang dijual.

Asmara. Henteu kudu aral lamun urang iinditan jeung Si Manéhna, salawasna dibaturan ku adina. Upama urang ngarasa teu bébas, éta calon adi beuteung téh ulah didegungkeun sirahna, cukup dititah meuli roko wé ka…Surabaya.

Sawangan Kang Opik ti geger Sunten

Pisces

Filed under: Zodiak Humor

pisces

(19 Pébruari-20 Maret)

Hirup di dunya ngan saukur darma wawayangan. Matakna teu anéh, lamun urang Sunda loba anu dingaranan … Darma, jeung raresep lalajo wayang. Husus ka jalma anu boga béntang Pisces, ulah ngarasa kagét lamun sabada kawin terus diparengkeun boga budak, budakna saacan déwasa sok disebut budak semata…wayang.

Kaséhatan. Minggu ieu urang kudu ati-ati dina ngajaga kaséhatan diri. Kahadé, ulah loba teuing dahar anu ngandung minyak saperti…kompor, patromak, jeung pom bensin.

Rejeki. Minggu ieu urang bakal meunang untung gedé. Suling urang bakal aya nu nawar sajuta, asal éta suling dijualna lengkep jeung…mundingna.

Asmara. Nu disebut cinta sajati téh nya éta cinta anu dumasar kana prosés bobogohan anu ngan sakali-kalina. Ari bobogohanana mindeng mah, lain cinta sajati deui. Bisa waé disebut cinta…dua jati, tilu jati, opat jati, lima jati, atawa…tilu puluh jati. Ari Boy jati mah mantan pamaén Persib.

Sawangan Kang Opik ti Geger Sunten

March 19, 2008

Aquarius

Filed under: Zodiak Humor

aquarius

(20 Januari-18 Fébruari)

Kahirupan téh salawasna pinuh ku kapalsuan, ti mimiti huntu palsu, nepi ka ijasah palsu. Nu matak omat pisan ka sing saha baé anu resep balanja, sanggeus adu hareupan jeung kasir (atawa gaang…) ulah nyoba-nyoba mayar ku duit palsu. Pibarabéeun.

Kaséhatan. Wayahna minggu ieu kudu pulang anting ka dokter. Ari masalahna, salah urang sorangan, handphone jeung kacamata dokter kalah diasupkeun kana tas urang. Lamun panyakit teu cageur baé, ulah ngarasa kagét, sabab ubar nu dibikeun ku dokter téh ubar…palsu. Rék ngagugat? Ah, kateuteuari, pan urang mayar ka dokterna gé sarua maké duit…palsu.

Rejeki. Minggu ieu duit anu katarima rada seuseut. Upama hayang mindeng narima duit, coba ngalamar jadi kondéktur beus kota. Dijamin leungeun urang bakal mindeng narima duit…pamayar ongkos ti panumpang.

Asmara. Geus waktuna ngedalkeun kalimah nu dianti-anti ku Si Manéhna sakulawarga. Sabada minggu tukang ditalék ku calon mitoha perkara serieus henteuna bobogohan jeung anakna. Ayeuna nya waktuna pisan urang kudu ngajawab ku hiji kalimah anu pohara éndahna: “Hidup Persib

(Sawangan Kang Opik ti Gegersunten)

Capricorn

Filed under: Zodiak Humor

capricorn

(21 Désémber-19 Januari)

Hirup téh salawasna papasangan. Aya beurang aya peuting. Aya poék aya caang. Aya aki aya nini. Aya emang aya bibi. Aya ua aya…panonpoé. Lamun minggu ieu karasana asa titatarajong, da bongan urang sorangan, béca keur diparkir bet disépak. Untung baé nu bogana henteu ngambek.

Kaséhatan. Résikona urang mindeng huhujanan, awak urang katarajang AIDS (atuk ilek dan sebagainya).

Rejeki. Nu nawaran gawé lain hiji dua, tapi loba pisan. Komo deui lamun digawéna bari teu digajih mah. Kahadé entong meuli ucing dina jero karung, kuduna meuli ucing mah dina kandang. Rejeki dina minggu ieu wayahna récéh wungkul, lantaran kamari urang kakara meupeuskeun céngcéléngan.

Asmara. Rada riweuh, da bongan bet bogoh ka nu teu bogoheun. Tapi sing sabar wé, da nu sabar mah tara…kabagéan. Ceuk paribasa “alon-alon asal kalakon” kudu bener-bener dipilampah. Leukeunan jeung tungguan. InsyaAlloh sabada ditungguan mah Si Manéhna bakal …direbut batur.

(Sawangan Kang Opik ti Gegersunten)






















Get free blog up and running in minutes with Blogsome
Theme designed by Minz Meyer